Bumi Pangjajap | Turun Bantayan

Sewu Seuwi Abdul Latif  (Rd. Cakrasoma Bin Rd Somanagara.

(H. Abdul Latif Kusumadiningrat). Assalamu'allaikum,wr,wb. Dupi iyeu PANGJAJAP/PENGANTAR Para Mitra seuweu siwi Bani H. Latif, Syukur Alhamdulillah, sok sanaos teu acan sampurna BUKU RUNDAYAN BANI H. LATIF tiasa kasanggakeun. Margi rupi-rupi pamengan dina ngempeulkeun bahan-bahan the. Kayaning langka anu uninga jenenganana sareng paututuranana, atanapi masih ngaraos teu acan yakin kana leresna. Aya oge anu sayagi masihan katerangan, jalaran nuju teu damang, atanapi nuju henteu salse. Jabi ti kitu teh simkuring sapara kanca ti ais pangampih benten pacabakan sareng benten kabutuh hirup, malah padumukanana oge paterebih, dugi ka sesah pisan ngawujudna ieu pakarepan teh.
Pintu gerbang makam jambansari, Ciamis
Sok sanaos ieu buku parantos ngawujud, estuning nembe sa’ayana, masih seueur kirangna sareng seueur lepatna, boh lepat jenengan atanapi lepat larap, sanes rundayanana, malah aya oge anu teu acan kaserat, jalaran masih di piluruh ti sumberna anu uninga leres.

Para Mitra seuweu siwi H Abdul Latif,
Sebelum lebih jauh kita membahas, perlu diketahui bahwa H. Abdul Latif dengan gelar Raden yang beliau tanggalkan demi agama yang beliau anut yaitu kecintaanya terhadap Islam (Raden Abdul Latif Kusumah) ngumbara meninggalkan kerisidenan di jambansari Ciamis demi memperdalam ilmu agama Islam, hingga menurut tutur tinular orang tua terdahulu setelahnya dan singkat cerita, beliau pernah pergi ke makkah (yang secara logika jaman dahulu belum begitu mudah transportasi. Alhamdulillah edisi kahiji buku Rundayan Bani Haji Latif tos di terbitkeun ku tim penyusunan Rundayan Bani Latif nu dipimpin ku Bapa K Kusniadi, Spk saparakanca mugia hasil karya beliau sareng kasaean amal ibadah aranjeuna dipaparin ganjaran anu setimpal ku Nu Maha Kawasa Alloh SWT.

Ieu buku atanapi artikel rundayan Bani Latif edisi kedua, ngahaja di susun deui ku ais pangampih. Kalayan maksad hoyong gaduh “caca;ang” atanapi obor kanggo seuweu siwi Bani Latif anu masih jarumeneng keneh, uninga teh ulah mung saukur “dedenge tarak” uninga saukur beja jeung cenah. Aya kalana sagulung sagalang sareng eta mitra atanapi eta baraya, nanging teu acan terang patuturanana, malah tadina mah eta mitra teh deungeun-deungeun. Jadi ku kirang –kirangna caca’ang anu maparin katerangan nu ngeunaan rundayan kabarayaan, dugika hirup sadidditen oge karaos talag tologna.

Sakumaha salah sahiji bunyi dina salah sawios hadist qud’si “Man arofa nafsahu fakod arofa robbahu” nu hartosna sing saha-saha nu nyaho kana dirina tangtu nyaho kanu nyiptakeunana (siapa yang mengenal dirinya maka dia akan mengenal siapa Tuhannya). oge dina salah sahiji ucapanana Eyang Prabu Siksakandang Karesian nu tercatat dina naskah kuno Amanat Galunggung “Hana nguni hana mangke, tan hana nguni tan hana mangke” nu hartosna Moal aya ayeuna mun euweuh baheula (tidak akan ada sekarang kalau tidak ada dahulu) oge dina salah sawios pidatona Presiden RI anu kahiji Bapa Ir. Soekarno ngadugikeun sebuah pesan moral kanggo urang sadaya rakyat Indonesia nyaeta “JAS MERAH” (jangan sekali-kali melupakan/meninggalkan Sejarah) nyaeta ulah poho kana sejarah atanapi purwadaksina. Bangsa anu besar nyaeta Bangsa nu ngahargaan kana budaya, adat istiadat  jeung leluhurna. Sangkan urang teu leugiteun identitas diri urang, sangkan urang teu leungiteun ajaranana para leluhur urang sadaya anu nya’ah ka lemah caina, nu nya’ah ka anak turunana.

Hirup geusan geusan manceran dina sagala pangawasa kersa anu geus di kersakeun pikeun nuju kana aji ning ka sampurnaan hirup, tangtu mudu metik elmuning hirup geusan ngahontal, tur ngagema keun diri, pangajian laku, keur pangajen diri anu mangrupa Aji Luhun sangkan diri Kaharkatan, Aji Komara wibawa sangkan diri kadarajatan, Aji Wiwaha sangkan diri kamartabatan.

Mugi-mugi ieu buku tiasa jadi caca’ang ka sadaya seuweu siwi Abdul Latif, jadi cukang lantaran geusan mapay rundayan, nyukcruk galur turunan ti H Latif dugi ka anak, incu, buyut, bao, udeg-udeg, sanggawareng, gantung siwur sareng saterasna. Mugia urang samudayana digolontorkeun Rohmat, Magfirah, Barokah, Mau’nah, Karomah, Mu’jizat, Sya’faat sareng Ridha-Nya. Dina kirang langkungna mangga nyanggakeun, mugia kersa nawakup kana sagala kelepatan, kalayan mugi ageung mangpaatna. 

(Teuraskeun kana Rundayan, klik Disini)

Wassalamualaikum Wr.Wb

Ais Pangampih,



Dian Cahyadinata, SH & Nely Farid Priatna, SiP

0 Response to "Bumi Pangjajap | Turun Bantayan"

Posting Komentar

Selamat datang dan Semoga bermanfaat !!!